Pidato
Bahasa Sunda Tentang Kebersihan
Assalamualaikum
wr wb
Langkung
tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina
kayaan sehat walafiat.
Para wargi
anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu
waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu,
urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah
sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu
minal iman
Nu hartosna
: “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits
eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat
muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka
Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas
alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun
urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina
urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang
jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan
teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga,
sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu
bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup
sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka
Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi
anu mulya.
Cekap sakitu
abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep
saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
0 komentar:
Posting Komentar