Pidato
Bahasa Sunda Tema Kebudayaan
Assalamu’alaikum
wr. wb.
Ibu guru anu
ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti
payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung
barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Hadirin
sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya
Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur
kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur,
singer, jeung pinter.
Harti kecap
sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun
dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan
urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina
nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di
wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Tarling
pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka
bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat
rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga
hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun
tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku
organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki
kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung
rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari
ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus
ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin
sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi
kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang
poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae
ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang
sadaya.
Wassalamualaikum
wr. wb.
0 komentar:
Posting Komentar