Pidato
Bahasa Sunda Tema Keagamaan
Puji sareng
sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa
ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung
Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh
kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..
Hadirin anu
dipikahormat !
Beriman kana
qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa
nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala
sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar
bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu
dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk
anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar
atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.
Iman kana
qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus
ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen
kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar
bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina
mayunan musibah.
Jeung upami
urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan
istirja
Anu hartosna
:
“ saenyana
sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya
mulih.”
Sakieu heula
ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal
affu mingkum…
0 komentar:
Posting Komentar